Berita Ragam

Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Sopan Santun Singkat dan Penuh Makna

4 menit

Contoh pidato bahasa Sunda tentang sopan santun ini bisa jadi referensi untuk tugas sekolah maupun lainnya. Yuk, simak teks pidato bahasa Sunda berikut ini!

Sopan santun merupakan salah satu tema yang menarik untuk diangkat menjadi materi pidato.

Materi tersebut dianggal relevan bagi kehidupan dan dapat diaplikasikan dalam kehidupan sehari-hari, terutama untuk anak-anak sekolah.

Nah, buat kamu yang tertarik menyusun teks pidato bahasa Sunda tentang sopan santun, pastikan baca artikel ini hingga tuntas.

Sebab, Berita 99.co Indonesia bakal menyajikan sejumlah contoh pidato bahasa Sunda tentang sopan santun.

Berikut ini contoh-contohnya.

Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Sopan Santun

1 . Pidato Bahasa Sunda tentang Sopan Santun Pendek

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh

Wilujeng enjing kanggo bapa kepala sekolah, bapa sareng ibu guru anu ku simkuring dipikahormat, sareng rerencangan sadayana anu ku simkuring dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Allah Swt, anu parantos marengkeun urang sadayana dugi ka tiasa patepang dina acara anu sae ieu. Alhamdulilah urang sadayana tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Bapa miwah ibu guru anu ku simkuring dipikahormat, sareng rerencangan sadayana anu ku simkuring dipikacinta, dina ieu waktos simkuring bade ngadugikeun naon sareng kumaha tatakrama urang Sunda. Tangtos sadayana parantos uninga naon nu dimaksad tatakrama.

Tatakrama teh mangrupi kabiasaan, adat, sopan santun atanapi sok disebat oge etiket atanapi etika anu parantos mangrupikeun tuntunan di hiji masarakat atanapi daerah dina waktos anu tos tangtos. Ku kituna tatakrama di hiji masarakat tiasa benten sareng nu aya di masarakat sanesna.

Kitu oge tatakarama urang Sunda benten sareng masarakat sanesna. Tatakrama teh aya dina sagalarupi wangun komunikasi atanapi tindakan antar jalmi. Sapertos tatakrama dina nyarios, tatakrama dina tuang, tatakrama dina tatamu, tatakrama dina hajatan sareng sajabina ti eta.

Kanggo conto, mangga urang tingali tatakrama dina nyarios atanapi tatakrama dina nganggo basa dina basa Sunda. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebat ragam basa hormat/lemes sareng ragam basa loma. Dina ragam basa hormat/lemes aya dua rupi basa lemes, nyaeta basa lemes kanggo nyalira sareng basa lemes kanggo nu sanes.

Ayana ragam basa dina basa Sunda teh sanes kanggo ngabenten bentenkeun status sosial jalmi jalmi, namung kanggo ngahormat ka sepuh sareng ngajen ka sasama. Ku kituna, tatakrama basa Sunda anu kawitna sok disebat Undak usuk Basa Sunda, ayeuna mah tos sacara resmi digentos ku istilah Tatakrama Basa.

Naon margina istilah Undak usuk Basa Sunda digentos ku istilah Tatakrama Basa Sunda?. Saur para ahli, istilah Undak usuk Basa Sunda digentos ku istilah Tatakrama Basa Sunda kumargi istilah Undak usuk Basa Sunda teh kadanguna atanapi karaosna langkung “feodal” upami dibandingkeun sareng Tatakrama Basa Sunda.

Para hadirin sadayana, saparantosna urang sadayana sasarengan ngabahas naon sareng kumaha tatakrama urang Sunda teh, utamina tatakrama dina nganggo basa Sunda, mugi urang sadayana langkung ngartos kumaha dina ngalarapkeun basa Sunda sareng naon anu janten tujuan ayana tatakrama basa Sunda. Rupina cariosan ti simkuring dicekapkeun sakitu anu kapihatur, kirang langkungna mugi tiasa dihapunten.

Wassalamualaikum wr. wb.

Sumber: Brainly.co.id

2. Pidato Bahasa Sunda tentang Sopan Santun kepada Guru dan Orang Tua

Assalamualaikum warohmatullaahi wabrokaatuh.

Alhamdulillah, alhamdulillahirabbil alamiin, assholatu wassalamu ala syrofil anbiya’i wa imamil mursalin, sayyidina wamaulana muhammadin wa ala alihi wasohbihi aj’main. Amma ba’du

Ti payun mangga urang panjatkeun sasarengan puja jeung puji syukur kahadirat Allah Swt. Alhamdulillah dina dinten ieu urang sadayana tiasa kempel ngariung dina kayaan sehat walafiat. Rahmat jeung salam mugia tetep dilimpahkeun kanggo nabi urang sadayana muhammad saw nu teu aya nabi nu sanes saparantosna.

Nu tos ngabawa urang ti jaman onta nuju jaman toyota, ti jaman jahiliyah nuju jaman nu pinuh barokah. Mugi ogé urang kalebet kana pangikutna nu menangkeun syafaat di poé kiamat engkin, amin yaa robbal alamin.

Teu hilap urang panjatkeun ogé du’a kanggo kadua kolot urang sarta bapa ibu guru nu parantos ngadidik, ngabina, sareng ngabekeulan urang ku pangelmu nu seueur, ku kituna urang mugi-mugi tiasa jadi jalmi-jalmi anu iman, taqwa, sareng boga akhlak mulia.



Mugi ogé ka asih nu anjeuna pasihkeun tiasa mangpaat kanggo urang salaku siswa-siswi didikna. Amin Simkuring salaku wakil ti para siswa, kapapancenan tugas kanggo ngadugikeun hiji biantara. Dina ieu kasempetan simkuring badé ngadugikeun biantara ngeunaan kana pentingna urang mikahormat ka kolot jeung ka guru urang.

Sabab hormat ka anu janten sepuh sareng hormat ka ibu atanapi bapa guru téh teu kinten pentingna sareng kedah diperhatoskeun ku urang sadayana. Malihan pan dina basa Sunda mah basa anu dianggo kanggo nyarios ka sepuh sareng ka réréncangan téh dibéntenkeun.

Éta hartosna yen kedah aya béntenna antawis nyarios ka sepuh sareng nyarios ka réréncangan. Sanaos nganggo basa naon bad, ari hormat ka sepuh sareng ka ibu bapa guru mah tangtos wajib. Mung dina basa Sunda mah éta téh diperhatoskeun pisan. Duh mani saénya bahasa Sunda téh?

Hadirin anu kusimkuring pikahormat.

Urang tangtos kedah hormat ka anu janten sepuh urang anu parantos ngurus urang sadayana, teu kinten ageungna jasa anu janten sepuh urang téh. Kitu ogé ka bapa sareng ibu guru, urang sadayana kedah mikahormat anjeunna margi ibu bapa guru tdh parantos ngajar urang tiasa terang kana elmu anu tangtos aya mangpaatna kanggo urang sadayana.

Hadirin sarta rerencangan sakantenan nu simkuring pikadeudeuh.

Unggal jalmi tangtuna pasti miboga sepuh atanapi kolot, teu aya hiji jalmi ogé manusa anu lahir teu aya bapa jeung indungna iwal ti nabi adam. Urang ogé sadar tangtuna kolot urang téh tos sesah beurang peuting ngabanting tulang, mikiran sakuat tanaga kumaha carana pikeun ngajuangkeun anak-anakna.

Ku kituna urang salaku anak-anakna kedah hormat ka anjeuna, sabab hormat ka indung jeung bapa téh mangrupakeun sala sahiji amal shaleh anu mulia bahkeun parantos disebutkeun dina AL-Quran pikrun kautamaan ngabakti ka indung jeung bapa teh, saur firman allah:

“Sembah allah jeung ulah nyekutukeun anjeuna sareng nanaon oge, jeung urang kudu boga kalakuan anu hadé ka kolot urang.” (An nisa: 36)

Dina ayat ieu paréntah mikahormat ka kolot di sandingkeun ku amal anu paling utami nyaéta tauhid, mangka ieu tiasa nunjukeun yén amal ieu ogé ageung pisan di sisi Allah Swt.

Salian éta, Allah Swt ogé negeskeun dina surat al-isro yén urang ulah nyarios atanapi ngomong “Uh” jeung “ah” ari ka kolot téh, sabab teu menang komo deui leuwih ti éta. Dina ayat éta ogé dijelaskeun paréntah pikeun kudu ngajaga kalakuan hadé ka kolot urang.

Ayeuna urang parantos terang mani kitu pentingna sareng utamina hormat jeung ngabakti ka kadua kolot urang téh. Mangga ayeuna urang inget deui, tos sabaraha kali urang nyieun ngambeuk manéhna? Tos sabara kali urang nyieun ceurik manéhna? Sabataha kali urang teu ngalaksanakeun paréntahna? Nah ku kituna mangga urang sami-sami menta hampura!

Hadirin, bapa ibu guru anu jusimkuring dipikahormat, sareng réréncangan anu ku simkuring pikadeudeh.

Rupina ngan sakitu baé biantara singket ti simkuring, hamputen anu kasuhun bilih aya cariosan ti simkuring anu kirang merenah. Sareng mugi-mugi urang sadayana kalebet jalmi anu tiasa hormat ka anjeuna, janten hamba-hamba pilihanna, sereng mugi urang ogé kalebet jalmi-jalmi anu beruntung. Amin yaa robbal alamin!

Akhirul kalam, wassalamualaikum warohmatullaahi wabarokaatuh.

Sumber: Urbanjabar.com

3. Teks Pidato Bahasa Sunda tentang Sopan Santun

pidato bahasa sunda tentang sopan santun

Sumber: Masagipedia.com

***

Itulah beberapa contoh teks pidato bahasa Sunda tentang sopan santun.

Selain itu, ada juga contoh pidato bahasa Sunda tentang bersyukur yang bisa dibaca lewat Berita.99.co.

Biar nggak ketinggalan artikelnya, pastikan kamu sudah follow Google News Berita 99.co Indonesia.

Jika kamu ingin cari rumah baru dengan desain modern, kunjungi www.99.co/id dan rasakan jual beli properti #segampangitu bersama kami!



Rulfhi Alimudin

Mengawali karier kepenulisan sebagai penulis lepas di beberapa media daring sejak 2016. Kini mencurahkan pikiran untuk menulis properti, gaya hidup, marketing, hingga teknologi di Berita 99 dan Rumah123.
Follow Me:

Related Posts