Carita pondok bahasa Sunda atau carpon Sunda termasuk dalam karya rekaan fiksi yang ditulis berdasarkan pemikiran si pengarang menggunakan bahasa Sunda.
Carpon alias carita pondok dalam bahasa Sunda adalah karya sastra yang berbentuk prosa.
Cerita ini sama halnya dengan novel, akan tetapi kisah yang dituangkan menggunakan bahasa Sunda dengan isi yang lebih pendek.
Dengan jalan cerita yang pendek itulah maka carpon Sunda mirip dengan dongeng Sunda dan dibedakan lewat tema yang diusung atau sifat khayalannya.
Dalam buku Rawayan Basa Sunda disebutkan bahwa carpon dikenal pada abad ke-20 dan pertama kali dimuat di majalah Parahiangan pada tahun 1929.
Sementara itu, kumpulan carpon yang pertama terbit adalah “Dogdog Pangrewong” karya GS yang terbit pada tahun 1930.
- Contoh Carpon Bahasa Sunda
- Contoh Carpon Sunda Singkat tentang Sakola
- Carpon Sunda tentang Alam
- Contoh Carita Pondok Bahasa Sunda
- Carpon Sunda tentang Pendidikan
- Carpon Sunda Singkat tentang Babaturan
- Cerpen Sunda Berjudul Harewos Keur Indung Teh Nila
- Ciri Ciri Carita Pondok Bahasa Sunda
- Unsur Intrinsik dan Ekstrinsik
- Siapa Saja Pengarang Carpon Sunda?
- FAQ Carpon Sunda
Contoh Carpon Bahasa Sunda
1. Contoh Carpon “Nyieun Endog Gulung“
Dinten Minggu kamari, abdi sareng rerencangan ngadamel endog gulung. Abdi, Ahmad, sareng Asep sasarengan minangka hiji kelompok.
Tugas ieu kaitung gampil kusabab bahan-bahanna oge kawilang babari dipilarian sareng hargana teu awis.
Abdi jeung Ahmad sasarengan angkat ka bumi Asep dinten Minggu sore kanggo ngadamel endog gulung. Artos sadayana parantos disiapkeun samemehna, kitu oge sareng parabotan masakna.
Teu pati ngantosan lami, Ahmad jeung Asep angkat meser bahan-bahan ka warung sedengkeun abdi ngantosan di bumi Asep sabari nyiapkeun alat-alatna. Tau kungsi lila, Ahmad jeung Asep torojol uih ti warung.
“Hayu buru, urang geura langsung bae ngadamel endog gulung bisi kaburu maghrib!”, ceuk abdi make nada nu rada teges.
Singket carita, endog didadar ditambih bumbu-bumbu. Di tempat sejenna teu jauh ti abdi ngadadar endog, minyak goreng luhureun katel geus panas.
Ari geus kitu mah langsung bae eta endog nu didadar teh diasupkeun kana katel tuluy digulung-gulung make kai samodel tusuk sate.
“Yeuh, jadi, euy,” Ahmad surak lantaran endog gulung jieunan manehna geus jadi.
Kitu oge endog gulung jieunan Asep nu katinggalina ngeunah sabab dibere saos.
Sanggeus rengse, kabeh endog gulung nu geus kakumpul difotoan yen jadi bukti ka guru.
Rasa endog gulung lain jadi partimbangan nu dinilai ku guru kusabab geus diwanti-wanti panilaian diitung tina kerja sama jeung hasil.
Terjemahan:
Hari Minggu lalu, saya dan teman-teman membuat telur gulung. Saya, Ahmad dan Asep bersama-sama tergabung dalam satu kelompok.
Tugas ini terbilang mudah karena bahan-bahannya mudah dicari dan harganya murah.
Saya dan Ahmad bersama-sama pergi ke rumah Asep pada Minggu sore untuk membuat telur gulung. Uang dan peralatan telah disiapkan sebelumnya, begitu pula dengan peralatan masak.
Tak menunggu lama, Ahmad dan Asep berangkat bersama membeli bahan-bahan ke warung sedangkan saya menunggu di rumah Asep sembari menyiapkan alat-alat. Tak perlu menunggu lama, keduanya tiba.
“Ayo cepat, langsung saja kita bikin telur gulung, nanti keburu maghrib!” kata saya dengan nada sedikit tegas.
Singkat cerita, telur mentah didadar dan ditambah bumbu-bumbu. Di tempat lainnya tak jauh dari saya mendadar telur, minyak goreng di atas wajan telah panas.
Setelah itu, telur yang telah didadar dimasukkan ke dalam wajan berisi minyak lantas digulung-gulung menggunakan bambu seperti tusuk sate.
“Ini, jadi,” seru Ahmad yang berhasil membuat telur gulung bikinannya.
Begitu pula telur gulung buatan Asep yang tampak enak karena diberi saus.
Setelah selesai, semua telur gulung yang telah terkumpul difoto untuk jadi bukti kepada guru.
Rasa dari telur gulung bukan jadi pertimbangan utama penilaian.
Pasalnya, para guru telah mewanti-wanti jika penilaian didasari dari kerja sama dan hasil yang dibuat.
2. Contoh Carpon Sunda “Liburan ka Bandung”
Liburan taun kamari abdi sakulawargi angkat ka Bandung dina rangka liburan.
Abdi sadayana angkat sapoe sanggeus nampi rapot.
Dugi di Bandung, abdi sakulawargi ngadatangan tempat raramean jiga Dusun Bambu jeung Kebon Binatang.
Sanggeus bosen jeung dirasa puas, abdi jeung kulawargi mondok di hotel daerah alun-alun
Salajengna, kaping 31 Desember abdi sakulawargi angkat ka bumina pun ua di Buah Batu, ngempel ngarayakeun wengi pergentosan taun.
Abdi jeung kulawarga angkat ti hotel alun-alun kinten-kinten tabuh lima sore margi sieun macet di jalanna. Dugi ka bumi pun ua pas azan Isya.
Kinten-kinten tabuh 9 wengi acara dikawitan meuleum sate jeung beuleum ketan dicocol ku sambel oncom.
Kembang api sareng pepetasan tos ngawitan rame tingbaranyay di langit, endah pisan katingalna.
Kaleresan bumi pun ua di tengah kota jadi katingali jelas.
Puncakna, tabuh dua belas pas kembang api ti ditu ti dieu harurung nyaangan langit Kota Bandung.
Subuhna, abdi sakulawargi sadayana mulang ka Bogor.
Terjemahan:
Liburan tahun lalu saya dan keluarga berangkat ke Bandung dalam rangka liburan.
Kami berangkat sehari setelah pembagian rapot.
Sesampainya di Bandung, saya dan keluarga mendatangi tempat keramaian (wisata) seperti Dusun Bambu dan Kebun Binatang.
Setelah dirasa bosan, kami menginap di hotel sekitar alun-alun.
Kemudian, tanggal 31 Desember saya dan keluarga berangkat ke rumah om di Buah Batu untuk berkumpul merayakan malam pergantian tahun baru.
Saya dan keluarga berangkat dari hotel di alun-alun sekitar pukul 5 sore dikarenakan takut macet dalam perjalanan. Lantas, tiba di rumah om selepas isya.
Sekitar pukul 9 malam, acara kumpul-kumpul dimulai dengan bakar sate dan ketan yang dibubuhi sambal oncom.
Kembang api dan petasan mulai ramai berseliwer di langit, terlihat indah dan memesona.
Kebetulan rumah om berada di pusat kota sehingga keramaian kembang api terlihat jelas.
Puncaknya, pukul 12 malam kembang api benar-benar menghiasi langit Kota Bandung.
Lalu, memasuki Subuh saya dan keluarga pulang ke Bogor.
3. Carpon Bahasa Sunda “Ngadamel Jelly sareng Babaturan”
Contoh Carpon Sunda Singkat tentang Sakola
Contoh Carpon “Angkat Sakola“
Karya: Rifa Hendriani
Hawa isuk anu tiis maturan lengkah gurung gusuh Siti ka sakola. Di jalan, anjeunna ningali rea rerencangan angkat ka sakola nganggo motor, angkot, atawa kandaraan sejenna. Sakapeung mah Siti ge hayang angkat ka sakola bari nyalse, teu kudu lulumpatan kawas kieu.
Siti sumping di sakola pas pisan bel disada. Mun telat samenit, anjeunna moal tiasa lebet ka sakola.
Karek ge rek asup ka kelas, salah saurang rencangna ngagorowok tarik pisan.
“Siti! Kabiasaan ih telat wae. Matakan mun angkat ka sakola teh ari teu boga motor mah naek angkot, beh teu kabeurangan. Untung we can aya guruna.”
Siti cicing teu nembalan cariosan rencangna. Hayanga mah kitu Siti ge, mung anjeunna kudu hemat sangkan tiasa nabung keur mayar biaya sakola.
Saatos diuk dina korsina, ka kupung deui ku Siti sababaraha babaturan sakelasna ngomongkeun.
“Uyuhan ih telat wae. Ceuk kuring mah coba manehna the naek angkot,” celetuk rencangna nu hiji.”
“Heueuh ih. Padahal da ongkos naek angkot mah teu sapira atuh. Meuni pelit,” tembal nu lain.
Manah Siti asa nyeri. Hayang ceurik harita keneh, mung anjeunna kudu kuat.
Isukanna, Siti angkat ka sakola Subuh keneh. Langit ge poek keneh. Anjeunna hayang ngabuktikeun yen anjeunna moal kabeurangan deui. Anehna, poe eta jalan teh macet. Kandaraan taya nu maju. Kitu oge kendaraan rerencangan Siti, taya nu maju hiji ge. Teras we Siti mapah di sisi jalan.
Di tungtung jalan, katingali ku Siti yen di jalan the keur dibenerkeun, eta anu nyababkeun macet. Untung we Siti teu naek angkot.
Siti sumping di sakola lima belas menit sateuacan bel disada. Di kelas ngan saukur aya sababaraha urang, teu saperti biasana. Siti diuk na korsina teras ngaluarkeun buku pangajaranna.
Bel disada, nu aya di kelas ngan sapuluh siswa, kaasup Siti.
“Kamarana nu lainna?” Taros Bu Minah.
“Teu acan sumping Bu. Saurna mah kapegat maceh,” jawab salah saurang rencangan Siti.
Dua puluh menit saatos bel, rea nu daratang. Siti ngarasa bungah kusabab anjeunna teu kabeurangan deui jeung teu kudu ngaraosan macetna jalan.
Carpon Sunda tentang Alam
Carpon Sunda tentang alam di bawah ini bisa dijadikan referensi bagi kamu yang ingin membuat cerpen bahasa Sunda bertema alam.
Carpon Sunda tentang Alam dan Lingkungan
“Akibat Nuar Tangkal Papaduan” (Karya: Kustian)
Dina hiji poe anu endah jeung tengtrem, di mana rea sora manuk ngariung pating tetembalan kalayan bagja, sarta tatangkalan nu tinggarupai katiup ku angin, saliwat nyieun merenah pamandangan di luhur bukit.
Tapi teu kungsi lana, katenangan the geus ka usik ku sora-sora mesin ragaji nu ngagusak-gesek tatangkalan nu matak nyieun bingbang kana hate, kadeng ngaguruh sora tangkal raragagan hiji-hiji ti kajauhan.
Di handap bukit nu teu jauh ti eta tempat, aya cicing saurang aki-aki. Si aki tuluy hudang tina sarena alatan eta sorea nu nyiksa kana ceuli. Geuwat engkeh si aki tina korsi awi muru ka eta sumber sora.
“Heh maraneh eureun nuaran eta tatangkalan!” Ceuk si aki ngomong ka gorombolan tukang nuaran kayu.
Tapi, jalma-jalma teu malire kana omongan si aki, malih angger nuaran deui. Si aki teu cicing wae malah geuwat nyanghareupan nangtung di hareupeun eta ragaji nu keur di ceceukeul tukang kayu.
“Naon anu ku Aku lakukeun teh, Aki bisa pupus mun kena ieu ragaji the,” ceuk tukang kayu.
“Kuring moal cicing bae mun mararaneh tetep naluaran tatangkalan di ieu leuweung, kapan nyaho meureun yen loba mahluk hirup anu gumantung pisan ka ieu leuweung, jeung akibat anu bakal kajadian mun kabel tangkal beak dituaran ku maraneh,” ceuk si aki bari popolotot.
Jalma nu naluaran kayu tungtungna ngarasa ka ganggung kusabab kadatangan si aki, atuh si aki ngan ukur saurang angger dipapaksa pikeun ngajauh ti eta tempat.
Tangkal nu dituaran teh mangrupakeun wilayah leuweung nu aya di luhur bukit. Leuweung nu aya di luhur bukit. Leuweung kasebat mimitina endah tur asri, tapi saprak aya parusahaan furnitur di handapeun bukit eta, loba jalma nu paheula-heula nuaran kayu keur dijual.
Sanajan dititah ngajauh ti eta tempat, si aki teu cicing bae, geuwat indit, boga pamaksadan rek ngalaporkeun kajadian eta ka kapala desa di dinya. Si aki cumarita ngadukeun eta perkara teh, tapi lain kalah nulungan malah si aki dibere beja titak balik ka imahna jeung cicing di handap bukit seperti maranehna.
Mani kacida si aki ngadenge eta jawaban teh, teu disangka geuning jalma-jalma di dinya oge milu kalibat dina eta kagiatan teh.
Dina kaayaan sumedih jeung kuciwa ahirna si aki ngaleos indit leumpang ka imahna. Di sapanjang lalangkahana si aki emut ka mangsa tukang di mana harita manehna jeung babaturana sok arulin di eta bukit.
Rea kacida sasatoan nu bisa dipikapanggih di dinya kayaning manuk, uncal, kalenci jeung sajabana di leuweung eta the, tapi kiwari jaman geus robah, leuweung geus jadi gundul, sasatoan geus teu barogaeun patempatan.
Perkara nu matak pikasediheun manehna nyaeta di mana tos teu aya deui barudak ngora nu teu malire atawa teu paduli kana alam saperti ngariksa kana leuweung. Sanggeus lalampahan sakitu lilana, si aki ahirna nepi ka imahna. Si aki neangan cara sangkan kumaha carana ngereunkeun eta kagiatan nuaran tangkal teh.
“Ayeuna kuring geus moal bisa ngeureunan eta jalma-jalma nu nuaran tangkal, mun kitu kuring rek melakan bibit tangkal bae, jadi mun manehna nuar hiji tangkal, kuring rek melak bibit sapuluh siki,” geretes na jero hate.
Ti poe eta oge si aki mulai melakan tatangkalan di sakitaran imahna, poe geus ngaganti poe, tatangkalan di luhur bukit oge geus mulai beak, tatangkalan nu dipelak si aki oge laleutik keneh.
Mikin ka dieu nu nuaran tangkal kiwari geus marake mesin nu leuwih canggih. Teu kungsi sabulan, bener wae tatangkalan di luhur bukit the geus laludes.
Ahirna nepi oge hiji poe nu nyieun pikasedehieun. Di poe eta hujan turun teu eureun-eureun, nepi tilu poe tilu peuting lilana. Basa peutingna si aki keur sare, si aki ngadenge sora ngagumuruh gede kacida ti kajauhan. Ku bakalting tunfuh da kacapean urut melak tatangkalan keur sorena si aki leos sare deui tibra.
Isukna si aki mani kacida reuwasna ninggali di sakitaran imah taneuhna geus arambles kabeh lajeung si aki nempo ka arah padamukan nu aya di handap bukit. Si aki nempo pamandangan nu kacida pikasediheuna, desa-desa padamukan geus rata ka ibun ku taneuh urug.
Si aki ngarasa sedih yen usahana nu dilakukeuna teu bisa nyegah kana bencana taneuh urug. Sanajan kitu si aki ngucapkeun sukur sabab manehna hiji-hijina jalma nu salamet ti kajadian eta.
“Lain alam nu salah, tapi jalema nu salah,” kitu ceunah gerentesna.
Contoh Carita Pondok Bahasa Sunda
Carpon Sunda tentang Pendidikan
Carpon Sunda di bawah ini bisa dijadikan sebagai inspirasi ketika ada tugas dari sekolah untuk membuat cerpen berbahasa Sunda.
Carpon Sunda “Teu Meunang Nyandak HP ka Sakola“
Aya rerencangan abdi nu ngarana Angga sok nyanyandak HP ka sakola, padahal mah tos terang sadayana ge lamun di sakola abdi mah aya peraturan yen sakabeh siswana teu meunang nyandak HP ka sakolaan.
Dina hiji waktu, abdi jeung rerencangan sakelas keur aya kagiatan OSIS, ari abdi jeung babaturan nu lian mah sibuk itu ieu, tapi si Angga mah kalah ka jero kelas sabari anteng maen HP.
Abdi tos mere nyaho lamun ulah nyandak HP komo deui maen gim pas asup jam palajaran, lamun kanyahoan bisa-bisa dicokot ku guru eta HP.
“Angga, hayu urang nyieun jadwal kagiatan OSIS, ulah maen HP wae bisi disita,” abdi ngagorowok ka si Angga.
“Ah, sok weh tiheula, ke kuring nyusul,” timpal Angga.
Geus ti dinya, abdi balik deui ka ruangan OSIS, tapi poe eta si Angga ngadon teu mantuan jeung tuluy weh maen HP.
Isukanna, basa Pak Guru nerangkeun pelajaran, HP si Angga sada. Atuh manehna reuwaseun.
Pak Guru ngarasa keheul, teu lila HP si Angga dicokot. HP eta bakal dibikeun pas jam balik.
Si Angga era tur ngarasa salah. Manehna langsung teu bisa ngomong jeung ngaku yen salah geus mawa HP ka sakola.
Balik sakola, HP karek bisa dibawa. Teu kungsi lila, si Angga nyampeurkeun simkuring.
“Urang moal deui mawa HP ka sakola, ah. Geuning malah ngaganggu,” tuturna.
Isuk pageto, euweuh deui murid anu mawa HP ka sakola sabab mun kapanggih guru moal mere ampun jeung bakal aya hukuman ka siswa nu mamawa HP ka kelas.
Carpon Sunda Singkat tentang Babaturan
Carpon Sunda Babaturan (Karya: Kustian)
Dina hiji wanci, aya dua babaturan anu rakeut kacidaan nya eta Dinda jeung Rani. Maranehna ngabatur geus 3 taun lilana. Malih kalah loba oge jalma anu nganggap manehna the duduluran, da saking akrabna. Unggal isuk saencan mangkat ka sakola, Dinda sok nyampeur ka imah Rani sangkan bisa mangkat babarengan ka sakola.
Beurangna manehna boga jangji yen balik sakola teh rek nyimpan heula ka supermarket nu teu jaung jeung sakolana. Manehna ka dinya teh boga maksad rek meulikeun kueh jeung bajur keur ninina si Dinda. Ari ninina si Dinda teh jalma bageur, akuan pisan ari ka Rani teh, sanajan lain cucuna oge.
Lain eta hungkul, kadang mah ninina Dinda oge sok mere nasehat jeung duit jajan ka maranehna duaan.
Wanci geus nunjukkeun jam 3 sore, tapi Rani can aya keneh wae kabarna, Dinda ngadagoan di gang sakola bari maca novel nu dibawa dina tasna. Maca novel teh emang karesep Dinda, beda jeung Rani mah anu leuwih resep maen basket. Sanajan beda karesep, tapi manehna kacida akurna.
Lamun aya latihan basket di sakola, Dinda sok satia ngadagoan Rani latihan bari ku hayang-hayangna balik babarengan, kitu oge sabalikna.
Teu karasa wanci geus nunjukkeun jam setengah opat, “Aduh si Rani ka mananya?” Tanya Dinda dina jero hatena.
Dinda ngarasa bingbang kusabab geus 3 jam setengah manehna ngadagoan si Rani can aya kabar keneh wae.
Teu kungsi lila aya sora, “Dinda…!”
Jol weh saurang rumaja bari lulumpatan nyampeurkeun ka si Dinda. “Hampura, bieu kuring dititah ngabersihkeun lapangan heula saacan balik sakola, sabab poho can ngerjakeun tugas matematika,” tembal Rani tandes naker.
Bari rada ngambek jeung campur karunya sanggeus ngadenge alesan ti Rani, akhirna maranehna jadi oge mangkat ka supermarket.
“Ceuk urang oge lamun aya pancen di sakola, geura buru gawekeun peutingna,” Dinda mere nasehat ka Rani bari rada ngambek saeutik.
Satepina di tempat nu dituju, manehna tuluy meuli kueh jeung pulah pilih naon sakirana kado anu pantes keur ninina si Dinda. Dinda jeung Rani ahirna meulikeun baju keur hadiah nu rek manehna beulikeun ka ninina.
Baju nu dipilih warna koneng, sabab nyocokeun jeung warna kulit Nini, beh rada ca’ang meureun pikirna teh nu nyieun manehna ngarasa eta hadiah anu paling cocok keur manehna belikeun jang ninina.
Keur Rani, ninina Dinda geus dianggap ninina sorangan kusabab ninina si Dinda sok nyaruakeun rasa nyaah jeung kaasihna ka manehna, Rani mikanyaah pisan ka kaluargana Dinda.
Keur Rani, ngaluarkeun duit sakitu teu jadi masalah asalkeun nini atawa kaluarga Dinda nu lain bisa bungah. Sarengsena ngabalanjakeun kabutuhan naon wae nu maranehna hayang, manehna tuluy balik sabab maranehna geus didagoan di imah Dindan.
Satepina di imah, manehna geuwat disambut ku kaluarga Dinda. Kaluarga Dinda geus nganggap Rani teh salaku kaluarga. Salain bageur, kaluarga Dinda oge sok ngengetan ka Rani. Rasa kaluargaan anu teu bisa dibeunangkeun di kaluarga Rani, bisa dibeunangkeun di kaluarga Dinda.
Uyuhan da atuh Rani mah ngan ukur cicing duduanan jeung bapana. Salain kitu, bapa Rani mindeng mamangkatan gawe bae ka luar kota. Jadi, Rani sok ngarasa kasepian lamun aya di imah. Indungna geus lila papisah ti mimiti Rani umur 11 taun. Sanggeus bapa jeung indungna pisah, Rnai geus tara kapanggih deui jeung indungna.
Kusabab kitu oge, Dinda sok aya wae di deukeut Rani, sabab manehna embungeun lamun babaturana ngarasa kasepian, sabab pikirna ari babaturan mah lain ukuru diucapkaeun, tapi kudu dibuktikeun kalayan nyata.
(sumber: bahasasunda.com)
Selain contoh carpon Sunda yang telah dibahas di atas, kamu bisa menikmati carita pondok melalui kanal Youtube berikut ini di kala senggang.
Kecapi Anu Maghrib jeung Mangsa Aya
Berikut adalah contoh carpon bahasa Sunda tentang kahirupan sapopoe antara dua sahabat..
Dina hiji kampung nu gaduh tabuhan alam, aya kisah serem anu dialaman ku Rudi jeung Tini. Waktos maghrib, lamun bulan tumpang tua, alunan kecapi nu mahirus nayeta sorotan di tengah kabeh hiji kampung.
Tapi, dina hiji mangsa anu aya henteu biasa, alunan kecapi teh malah jadi pamandangan anu kaselaras jeung keurangan.
Rudi, nu biasana aya di luar imah di waktos maghrib ngaliwatkeun parubahan aneh. Kecapi anu biasana hirupkeun rasa damai, manggihna nyolot, ngiringkeun hiji kawakan hirup anu endah jeung nyaman.
Tapi mangsa ieu, teu aya nu damai di kecapina, tapi sorotan anu serem jeung mangsa nu sadayana ngarondohan.
Tini, sawios meureun ka Rudi, malah ngajakkeun maksa keur manggihan rahasia di balik musik anu aneh teh. Dina kampung anu tadina tenang jeung hiji, kecapi anu mahirus jadi saksi pamundut serem anu kabawa ku mangsa aya.
Cerpen Sunda Berjudul Harewos Keur Indung Teh Nila
Ti barang kuring dihirupkeun dina rahim indung, ti harita saenyana kuring sawadina jadi mahluk-Na anu kudu sukur ni’mat. Indung mangrupa “janggelekna” muara kahirupan Mantenna pikeun umat-Na. Mun teu aya indung, tinangtu moal aya kahirupan di dunya. Indung teh “mediator” antara Mantenna jeung manusa.
Kuring yakin rajaning yakin, indung kacida bagjana nalika kuring aya dina rahimna. Komo sanggeus kuring gelar ka dunya. Tangtu kuring dirawu, dipangku, dinangna-nengne. Sagala hal kahadean diketrukkeun keur kuring. Sagala kapeurih geus teu dijadikeun itungan ku indung enggoning “ngajelemakeun” kuring.
Kiwari, mangsa kuring geus sawawa… geus bisa hirup jeung neangan hurip sorangan, kuring yakin, kabagjaan indung pari purna ku eta hal. Najan teu ditembrakkeun ka kuring, ka jalma-jalma, kuring yakin indung teu weleh agul-agulan ka dirina: “Anaking kiwari geus jadi ‘jalma’”
Ekspresi kabagjaan anu tan wates wangenan tina hal anu teu sapira. Kuring geus jadi “jalma”, ceuk indung, tapi naha kuring geus pantes disebut “jalma anu bisa mulang tarima ka indung?!”
Indung, nepi ka poe ieu satekah polah kuring nempatkeun anjeun dina posisi anu papunjulna. Ngan, kuring yakin nepi ka tutup umur, kuring hamo bisa naur sagala kahadean anjeun. Sarenghap napas anjeun, jadi sarebu napas kahirupan kuring. Sausap kadeudeuh anjeun, jadi usap-usap nu natrat dina kahirupan kuring.
Cimata kapeurih anjeung, mangrupa panaur cimata kabagjaan keur kuring. Anjeun mahluk pangmulyana di satung kebing dunya. Hampura, kuring hamo bisa naur sagala kahadean anjeun.
Hampura kuring ukur bisa jadi anak nu “ukur” bisa naur kahadean ku hal-hal anu teu sapira. Urusan sakola, karir, (insya alloh) rumah tangga, rejeki anu karasana ku kuring digampangkeun ku Mantenna, anu ceuk anjeun eta mangrupa kabagjaan hirup anjeun keukeuh, hamo bisa naur sagala kahadean anjeun.
Indung, mun seug kuring jeung anjeung geus dipegat pati kaasih kuring tetep nganteng keur anjeun, sakumaha tetap ngantengna “kakuatan” ti anjeun keur kahirupan kuring nepi ka tungtung mangsa. Kuring teu kawasa ngabagjakeun anjeun dunya aherat. Tapi kuring yakin, geus aya sawarga pikeun hirup anjeun jaga di alam nu hamo kadongkang ku manusa, ukur ti Mantenna.
Sumber: basasunda.com
Ciri Ciri Carita Pondok Bahasa Sunda
Berikut ini adalah ciri-ciri cerita pendek bahasa Sunda yang perlu kamu ketahui:
- Dapat selesai dibaca dalam sekali waktu
- Alurnya tidak kompleks dan hanya berpusat pada satu kejadian
- Memberi kesan seolah-olah kejadian dalam cerita benar-benar terjadi
Unsur Intrinsik dan Ekstrinsik
Dalam suatu carpon bahasa Sunda umumnya terdapat dua unsur yang menyertainya, yaitu intrinsik dan ekstrinsik.
Adapun unsur intrinsik meliputi beberapa hal, seperti
- pelaku,
- amanat,
- tema,
- latar, dan
- galur atau alur cerita.
Sementara unsur ekstrinsik carpon Sunda meliputi
- nilai-nilai yang terkandung dalam carita pondok;
- latar belakang kehidupan pengarang; dan
- situasi sosial.
Siapa Saja Pengarang Carpon Sunda?
Pengarang carita bahasa Sunda sangatlah banyak dengan karakter tulisan yang khas. Ini dia beberapa di antaranya:
“Baruang Ka Nu Ngarora”
- Pengarang: D.K. Ardiwinata
- Taun terbit: 2013
- Penerbit: Kiblat Buku Utama
“Pusaka Ratu Teluh”
- Pengarang: Moh. Ambri
- Taun terbit: 2013
- Penerbit: Kiblat Buku Utama
“Munjang”
- Pengarang: Moh. Ambri
- Taun terbit: 2008
- Penerbit: Kiblat Buku Utama
“Ngawadalkeun Nyawa”
- Pengarang: Moh. Ambri
- Taun terbit: 2014
- Penerbit: Kiblat Buku Utama
“Numbuk di Sue”
- Pengarang: Moh. Ambri
- Taun terbit: 2012
- Penerbit: Kiblat Buku Utama
Nama-nama pengarang tersebut tidak hanya menulis carpon, melainkan juga menulis novel Sunda.
Karya-karyanya kerap kali ditemui di perpustakaan sekolah, khusunya sekolah-sekolah di daerah Jawa Barat.
FAQ Carpon Sunda
Apa saja contoh carpon bahasa Sunda?
Contoh carita pondok basa Sunda di antaranya berjudul Manuk Seuneu, Akibat Nuar Tangkal Papaduan, dan Satapak Di Kebon Awi.
Siapa saja pengarang carpon Sunda?
Pengarang carita pondok basa Sunda antara lain D. K. Ardiwinata hingga Moh. Ambri.
Apa saja ciri-ciri carita pondok bahasa Sunda?
Ciri-ciri carita pondok bahasa Sunda di antaranya bisa selesai dibaca dalam sekali waktu, alurnya tak terlalu kompleks dan memberi kesan seolah kejadian dalam cerita benar adanya.
***
Semoga penjelasan soal contoh cerpen bahasa Sunda di atas dapat bermanfaat, ya.
Temukan ulasan menarik lainnya di www.99updates.id dan Google News.
Sedang mencari hunian impian? Tenang, kini semua bisa #SegampangItu bersama www.99.co/id.
Yuk, kunjungi sekarang juga!
**cover: liputan6