Masih banyak orang yang belum terlalu baik dalam menyusun teks pidato bahasa Sunda. Padahal pengetahuan penyusunan pidato bahasa Sunda penting dipahami untuk melaksanakan acara seperti perpisahan hingga lomba di sekolah. Nah, kali ini Berita 99.co Indonesia telah menghimpun contoh pidato bahasa Sunda yang bisa dijadikan referensi.
Dalam penyelenggaraan acara-acara besar, banyak pembicara yang dihadirkan untuk membacakan pidato kepada audiens.
Melansir dari BUKU PINTAR BAHASA TUBUH DAN PUBLIC SPEAKING UNTUK GURU: Trik Super Keren Menjadi Guru Idola Dikenang Sepanjang Masa oleh Damayanti (2017), pidato adalah suatu ucapan dengan susunan yang baik untuk disampaikan kepada orang banyak yang berupa komunikasi satu arah dan digunakan dalam forum resmi.
Pidato juga didefinisikan sebagai sebuah kegiatan berbicara di depan umum atau berorasi untuk menyatakan pendapatnya atau memberikan gambaran tentang suatu hal.
Biasanya, pidato yang baik itu berisikan pesan-pesan yang positif dan inspiratif kepada khalayak ramai.
Terlebih dalam pidato bahasa Sunda, penyampaiannya harus disesuaikan dengan situasi dan kondisi karena audiens harus paham dengan apa yang sedang dibicarakan.
Melansir dari banyak sumber, berikut Berita 99.co Indonesia hadirkan contoh pidato bahasa Sunda yang baik dan benar untuk dijadikan inspirasi.
- 10 Contoh Pidato Bahasa Sunda yang Baik dan Benar
- 1. Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan
- 2. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan Kelas 6
- 3. Biantara Sunda Singkat tentang Perpisahan Sekolah
- 4. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Agama
- 5. Pidato Bahasa Sunda tentang Kesehatan
- 6. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Pendidikan
- 7. Contoh Pidato Singkat Bahasa Sunda tentang Kemerdekaan
- 8. Contoh Pidato Bahasa Sunda Pendek tentang Narkoba
- 9. Biantara Sunda Singkat tentang Kebudayaan
- 10. Pidato Bahasa Sunda Pendek
- Struktur Pidato Bahasa Sunda
- Cara Membuat Pidato Bahasa Sunda yang Menarik
- Kesimpulan
10 Contoh Pidato Bahasa Sunda yang Baik dan Benar
1. Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan
Assalamualaikum warrahmatulohi wabarakattuh
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah swt., Tuhan Nu Esa anu mana masihan hidayah sareng inayah-Na ka urang sadaya. Janten urang sadaya tiasa kempel di acara ieu, dina kaayaan sehat wal afiat alhamdulilah.
Para wargi sakalian anu dipikahormat kusimkuring,
Dina waktos ieu abdi bade nerangkeun tentang tema kebersihan, nyaeta kumaha pentingna ngajaga diri dina hidup sehat jeung manfaat ngajaga kasehatan. Nu mana urang sadaya teh kedah atau wajib ngajaga lingkungan sekitar urang, sareng awak nyalira yen urang sadaya tiasa ngajaga kasehatan tina sagala rupi panyakit nu aya.
Ku margi kitu urang sadaya ge kedah ningkatkeun carana pola hidup nu sehat kanggo kapayuna hirup urang sakalian di kawitan ti ayeuna. Siga anu pernah diterangkeun dina salah sahiji hadist, ‘ Inna dhofatu minal iman.’ Anu hartosna teh, kabersihan sabagen tina iman.’ Nu matak kudu dijaga ku urang-urang.
Sebagai urang muslim anu taat, anu gaduh kaimanan di jero hate urang tangtu urang teh kudu bersih sareng suci tina sagala kotor atau najis anu nyebabkeun urang jadi teu suci. Allah Swt. mah resep kanu hamba anu merhatikeun jeung ngajaga kabersihan. Bersih eta teh kaasup kana raga urang, diri urang, sareng lingkungan di sakitar urang.
Tapi kabersihan eta teh rupina macem-macem, aya nu disebut bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Urang kedah jadi jalma anu kaasup bersih sadayana, sabab ngan bersih raga tapi hatena teu bersih mah nya percuma. Matak ti mulai ayeuna, hayu urang ngabersihan sagala rupina, sareng ningkatkeun pola hidup sehat kanggo urang sadayana.
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, hatur nuhun.
Wassalamualaikum salam Wr. Wb.
Baca Juga: 7 Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan Singkat, Jelas, dan Padat. Mudah Dihafalkan!
2. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan Kelas 6
Assalamualaikum wr. Wb
Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu.
Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah Swt.. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad saw.. Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga program perpisahan kelas genep (6).
Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilap abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.
Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal konkret sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah Swt.. Amin.
Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah tiba ti Allah Swt..
Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb
3. Biantara Sunda Singkat tentang Perpisahan Sekolah
Assalamualaikum Wr. Wb.
Manga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka Allah Swt., nu di mana dina kasempatan ieu urang sadayan atos dipasihan kasempatan kempel sareng dina kaayaan sehat walafiat.
Hadirin sadaya anu dipikahormat ku simkuring, henteu karaos nya tos 6 taun geningan urang aya didie. Anu disebatkeun nuju menuntut ilmu. Ayena saleresna urang sadaya teh bakal papisah, ti sakola ieu. Mugia naon anu diajarkeun ku Bapak sareng Ibu guru teh, tiasa dimanfaatkeun ku urang sadaya kanu hal anu positif sareng aya manfaatna.
Mugia amal sareng ibadah Ibu sareng Bapak guru ano tos ikhlas ngajar urang sadaya sina pinter, kenging wewelasan ti Allah Swt..
Sakitu heula ti abdi anu tos ngawakilan rerencangan sadaya, kirang lebihna neda dihapunteun ku sadaya. Hatur nuhun.
Waalaikum salam Wr. Wb.
4. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Agama
Assalamualaikum Wr. Wb.
Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Allah Swt. anu Maha Agung, dina dinten ieu teh urang sadaya tiasa ngariung sasarengan dina acara ieu.
Hadirin anu dipikahormat,
Berimana kana qada jeung qadar seueur manfaatna, di antarana tiasa nguatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah Swt.. Selain ti eta bisa oge nyadarkeun urang yen sagala perkara atawa kajadian nu aya di bumi ieu teh, tos diatur ku Allah Swt.. Matak ayana qada jeung qadar ieu teh bisa numbuhkeun kateguhan hate sareng kasabaran urang, salila urang hirup di dunia.
Masalah atawa rintangan naon wae anu aya di hirup urang teh, ngarupakeun katetepan ti Allah Swt.. Jadi urang teh kudu tawakal, da sagala rupina ge tos aya izin ti Allah Swt.. Urang sadaya moal tiasa ngahindar ti katetapan Allah Swt., deuk nu hade deuk nu goreng. Sadayana tos diatur ku Maha Kawasa.
Iman kana qada jeung qadar ieu oge bisa numbuhkeun kanikmatan ti Allah Swt., sareng ngadorong urang bersyukur ka Allah Swt. salawasna.
Sakieu heula pidato ti abdi, upami aya cariosan anu merenah di hate abdi nyuhunkeun dihapunten.
Waalaikum salam Wr.Wb.
5. Pidato Bahasa Sunda tentang Kesehatan
Assalamualaikum Wr.Wb
Wilujeng enjing ka sadayana, urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah Swt. nu atos masihan kasempatan sareng kasehatan. Nu mana urg tiasa patepang raray di acara ieu.
Ibu/Bapak guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, para wargi anu dipikahormat ku simkuring.
Dina waktos ieu abdi bade ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana. Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten jeung cara anu sehat. Misalna meresihan awak pas urang keur ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, jeung sajabana. Tah eta teh conto cara hirup nu sehat.
Conto anu sanesna urang kedah miceun runtah di tempatna, teu kenging sembarangan, terus lamun nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin ge kudu nutupan bahan ambeh henteu nularkeun virus ka batur. Urang teh kedah mikacinta kanu kabersihan diri urang, sangkan hate urang ge suci jeung bersih.
Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri urang sorangan tina sagala kotor nu aya. Bade eta kotor jasmani atanapi kotor rohani, upami meresihan kokotor jasmani urang teh kedah mineng mandi, meresihan lingkungan, jeung sagala kokotor anu bisa nyebabkeun panyakit di diri urang.
Tuluy kumaha lamun bade meresihan kokotor rohani, carana nyaeta urang kudu ningkatkeun kaimanan urang jeung ibadah urang ka Gusti Allah. Ngan anu kudu diinget teh, sehat lain saukur bersih hungkul. Tapi urang kedah ngagerakeun jasmani urang nu matak ngajagjagkeun diri urang. Misalnya urang rajin olahraga.
Hadirin sadayana cekap sakitu pidato tentang kasehatan ieu, hatur nuhun kana perhatosanana.
Waalaikum salam Wr.Wb.
6. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Pendidikan
Assalamu alaikum warahmatullahi wabarokaatuhu..
Bapa Ibu anu ku simkuring dipihormat.
Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji sinareng sukur ka dzat Allah Swt. nu Maha Welas tur nu Maha Asih. Ku sifat Rohman sareng Rohim-Na, ayeuna urang tiasa riung mungpulung di ieu tempat dina raraga tolab elmu, nyiar pangarti dina urusan kaislaman.
Bapa sareng Ibu anu hadir didieu. Upami ku urang sadayana dilenyepan, jaman kiwari teh parantos seueur perobihan, ti jaman urang kapungkur dugi ka ayeuna, benten sareng tebih pisan perobihanna. Ti kawit alat transportasi, dugi ka teknologi ayeuna serba canggih.
Kapungkur, urang dimana hoyong patepang teh kedah sumping ka tempat anu dimaksad. Tapi, ku jaman kiwari mah tos aya HP nu aya kamera payuna. Nu mana upami urang hoyong ngobrol papayun-payun teh kantun nganggo teknologi nu di sebat video call. Tah eta salah sawiosna teknologi ayeuna nu canggih teh. Sareng masih seueur keneh nu sanesna.
Kacipta na eta teh teu leupas tina pendidikan. Kumargi kitu, pendidikan di jaman ayeuna teh diraos penting pisan kanggo putra-putri urang salaku generasi penerus di jaman anu bade dongkap. Cobi emutan ku urang sadaya. Di tengah-tengah maju na teknologi, kumaha upami putra sareng putri urang teu di bahanan ku pangarti? Tangtos anjeuna bakal katingaleun tebih ku persaingan kerja, kumargi ayeuna oge pami hoyong damel teh kedah gaduh ijazah anu luhur pami hoyong kenging damel anu sae mah.
Atuh sajaba ti eta, pendidikan teh mangrupikeun media kango nyiar elmu atanapi pangarti. Dina salah sawios katerangan aya nu nyebatkeun yen pendidikan teh saumur hirup, teu mengenal yuswa. Hartosna, pendidikan teh wajib ti ngawitan urang lahir dugi ka pupusna.
Ti kawit ayeuna hayu urang leres-leres dina milari rejeki kanggo nyakolakeun putra putri urang supados tiasa neraskeun pendidikan anu saluhur-luhurna. Kumargi tos karaos ku urang sadaya yen pendidikan teh penting pisan kango bekel hirup urang kapayun.
Mugia harepan urang sadayana tiasa dikabulkeun kunu Maha Benghar nyaeta Allah Swt.. Mudah-mudahan sok sanaos singkat, mudah-mudahan cariosan urang ti awal dugi ka akhir tiasa dipihartos ku sadayana Bapa Ibu anu hadir ayeuna.
Hatur nuhun kana perhatosannana.
Ditutup ku doa “rabbana aatinaa fiddunya hasanah, wa fil-akhirati hasanah, wa qinaa adzaabannaar”.
Wassalamu alaikum warohmatullohi wabarokaatuh.
7. Contoh Pidato Singkat Bahasa Sunda tentang Kemerdekaan
Assaalamualaikum Wr.Wb
Sateuacana, hayu urang panjatkeu puji sareng syukur ka Gusti Allah Swt.. Anu tos maparinkeun rahmat-Na ka urang sadaya, dugi urang tiasa kempel di acara dinten ieu.
Hadirin anu dipikahormat ku simkuring, Bapak Kapala Sakola, Bapak/Ibu guru anu dipikahormat, sareng rerencangan simkuring anu dipikacinta. Dinten ieu alhamdulilah urang tiasa kempel sareng patepang raray dina urutan meriahkeun hari kamerdekaan Indonesia.
Urang periyogi ka uninga, yen di zaman baheula the seueur pisan pangorbanan para pejuang dina ngabelaan kamerdekaan nagara Indonesia. Matak ku kituna, urang salaku warga nagara Indonesia generasi penerus bangsa, sareng kedah neruskeun perjuangan para pahlawan urang. Carana nyaeta diajar sing giat jeung ngawujudkeun cita-cita urang pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa Indonesia.
Tepi sabenerna, seuer keneh hal-hal anu tiasa dilakukeun ku urang sadaya sebagei generasi muda dina rangka ngeusian kamerdekaan Indonesia. Contona ngajauhkeun diri urang tina pangaruh narkoba, jauhkeun diri urang tina pergaulan bebas, tawuran anu ngabahayakeun nyawa, jeung sajabana anu mawa pangaruh buruk jang diri urang.
Hayu urang sami-sami ngalakukeun hal positive atau aya mangpaatna jang diri urang, misalna nyieun prestasi di sakola, seueur maca buku nu berguna, diajar sing bener di sakola, jeung sajabana.
Rupina mung sakitu pidato ti simkuring, hapunten saupami dina biantara ieu aya cariosan anu salah atawa kirang merenah dina hate aranjeun.
Wassalamualaikum Wr.Wb.
8. Contoh Pidato Bahasa Sunda Pendek tentang Narkoba
Baca Juga: 7 Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat tentang Sabar. Inspiratif!
9. Biantara Sunda Singkat tentang Kebudayaan
10. Pidato Bahasa Sunda Pendek
Struktur Pidato Bahasa Sunda
Agar kamu lebih paham dalam pembuatan pidato bahasa Sunda, penting sekali untuk memahami strukturnya.
Struktur atau bagian-bagian biantara bahasa Sunda ada tiga, yaitu bubuka (pembuka), eusi (isi), dan panutup (penutup).
Melansir dari Sundapedia, berikut penjelasan struktur pidato bahasa Sunda yang bisa kamu ketahui.
1. Bubuka (Pembuka)
Bagian bubuka harus diawali dengan salam pembuka, seperti ‘Assalamualaikum’, ‘Sampurasun’, ‘Salam sejahtera’, dan sebagainya.
Kemudian, dilanjutkan dengan memanjatkan puji syukur kepada Tuhan dan selawat kepada Nabi Muhammad saw..
Selanjutnya, kamu bisa sampaikan penghormatan kepada semua yang hadir.
Terakhir, berikan ucapan terima kasih kepada pembawa acara yang telah memberikan kesempatan.
2. Eusi (Isi)
Bagian isi biantara bahasa Sunda umumnya berisi tentang segala hal yang ingin disampaikan.
3. Panutup (Penutup)
Bagian penutup umumnya berisi tentang permohonan maaf jika ada kesalahan ucapan, mengucapkan terima kasih kepada hadirin yang telah menyimak atau mendengarkan, berdoa, lalu diakhiri dengan salam penutup.
Cara Membuat Pidato Bahasa Sunda yang Menarik
1. Pelajari Topik yang Akan Dibahas
Untuk menyajikan pidato yang meyakinkan, dalami topik yang akan disampaikan melalui riset intensif.
Manfaatkan beragam sumber terpercaya, mulai dari buku-buku referensi, artikel ilmiah, hingga data resmi dari lembaga yang relevan.
2. Susun Kerangka Pidato
Saat menyusun kerangka pidato, pastikan argumen-argumenmu disusun secara sistematis.
Biasanya, pidato terdiri dari pendahuluan, isi (dengan argumen utama), dan penutup (dengan kesimpulan dan saran).
Jangan lupa tambahkan informasi pendukung yang relevan, ya.
3. Menggunakan Kata Pembuka yang Menarik
Bagian awal pidato, yakni pembukaan, memegang peranan krusial dalam keberhasilan penyampaian pesan.
Pemilihan kata pembuka yang menarik mampu memikat perhatian pendengar dan mendorong mereka untuk mengikuti alur pidato hingga akhir.
Untuk mengawali pidato, pembicara dapat menggunakan humor, kata-kata yang menginspirasi, atau bahkan fakta menarik sebagai pembuka.
4. Sampaikan Argumen dalam Urutan Logis
Jelaskan pendapatmu satu per satu secara teratur.
Setiap pendapat utama harus ditulis dalam satu paragraf yang mudah dipahami.
Tambahkan angka-angka atau fakta untuk membuat pendapatmu lebih kuat.
5. Akhiri Pidato dengan Suruhan untuk Bertindak
Buatlah akhir pidato kamu berkesan dengan menyerukan perubahan.
Berikan langkah-langkah praktis yang dapat dilakukan audiens untuk menciptakan dampak positif, sesuai dengan tema pidato kamu.
Kesimpulan
Dalam konteks komunikasi publik, pidato bahasa Sunda bisa menjadi sarana efektif untuk menyampaikan pesan kepada audiens yang luas.
Tujuan pidato ini bisa sangat bervariasi, mulai dari menginformasikan hingga memotivasi.
Agar pesan tersampaikan dengan baik, pidato harus disusun secara sistematis dan menggunakan bahasa yang sesuai dengan konteks.
***
Semoga artikel ini bermanfaat untuk kamu ya, Property People.
Jangan lupa untuk membaca artikel menarik lainnya di Berita 99.co Indonesia.
Segera ikuti Google News Berita 99.co Indonesia untuk dapatkan informasi up to date.
Ternyata praktis dan #segampangitu lo, menemukan rekomendasi hunian di www.99.co/id.
Tak percaya? Buktikan sekarang juga!